Jumat, 30 Oktober 2015

Bapa Kuring Guru Ngaji (Carpon Terjemahan, Karya Hamsad Rangkuti)


Sora jamla nu keur ngaji teh laun-laun asa nyuat-nyuat mangsa kuring keur leutik. Bapa kuring jadi guru ngaji. Murid-muridna datang ti sakuliah lembur, budak-budakna tatangga. Unggal peuting iwal malem juma’ah sanggeus solat magrib rajol ku sora tarumpah kokolotrak dina batu laleutik. Kuring geus biasa mindahkeun patromak ka tepas, ka murid-murid bapa nu keur maca Qur’an. Sora barudak oar kareungeuna, bakat ku loba eta barudak anu ngaji teh. Kawas sora nyiruan ngarubeng cing hareang nu kaganggu sayangna. Biasana keur teh bapa acan asup ka tengah imah. Bapa mah cicing keneh dina sajadah, ciga nu keur solat dina rokaat panungtung bari dikir kawas anu acan jengkep itungan amalana. Lamun kuring ngaliwat ti tepas sanggeus ngagantungkeun patromak nu karek dikompa angina, manehna tina sajadah eta teh sok ngareret ka kuring. Kuring ngarti naha bet manehna teh ngareret ka kuring : gera wudu, solat, bawa Qur’an tuluy baca. Ngiluan ngaji di tepas! Jadi weh kuring teh, anu sok indit waktu barudak tatangga ngaji, asa jadi ucing kabulusan, kuring bari keketeyepan wudu, solat magrib, tuluy diuk di tepas bari nanggeuy Qur’an, ngabaur jeung budak-budak tatangga. Kakarek lamun tos kitu bapa jol ka tepas.

Ngamimitian, saacan der, bapa nyidik-nyidik lampu cukup caangna atawa henteu. Lamun ceuk manehna geus cukup, manehna gek weh diuk ditengah-tengah barudak anu diuk nguriling. Bari ngoyagkeun hoe kana papan, nyirikeun yen murid-murid kudu eureun heula ngaderesna. Manehna tuluy nyebutan hiji-hiji muridna. Lamun ngaran nu disebut teu nalek, manehna sok nanyakeun naha eta budak teu ngaji, ka babaturana teh. Lamun geus jelas naon anu matak teu ngaji eta budak teh, kakara anjeuna nitah muridna diuk hareupeuna saurang-saurang tuluy der weh sina maca hanca sewang-sewangan.

“Ujang ayeuna geus tilu kali khatam Qur’an,” ceuk bapa ka kuring basa malem juma’ah, basa keur tiiseun, di tepas. Urang duaan tanggah ningali bulan anu pas asa keur dina luhureun imah pisan. “Geus waktuna Ujang ngabantuan Bapa magahan ngaji. Lamun teu dibantuan ku Ujang, ku saha deui nuluykeun magahan ajaran Ilahi ka barudak anu karek erek menyat teh. Ujang kudu jadi guru ngaji. Pagahan barudak! Teu kabeh budak sanggup ngaji ka madrosah. Tibeurang barudak sakola, peutingna ngaraji. Jadi jalma cara urang kieu anu mapagahan barudak eta teh.”

Jumat, 16 Oktober 2015

Anugerah Tuhan Tak Pernah Kurang (Late Post)

Memang ide itu tidak pernah bia ditebak kapan munculnya. Kadang ide muncul saat kita sedang di jalan, di angkot atau bahkan di kamar mandi. Mitosnya, ide tidak pernah datang dua kali. Sekali datang, selanjutnya akan terlupakan. Makanya saat penting membawa alat catat kemana pun kita pergi. Beruntung jika ada ide saat kita berada di depan komputer atau sedang memegang pulpen. Kita bisa menangkapnya, dan mengikatnya pada catatan kita.

Begitulah yang terjadi kepada saya saat ini. Niatnya ingin mengusir kantuk lalu iseng membuka laptop. Saya teringat kejadian kemarin. Bertemu dengan beberapa teman di forum Blogger Cicalengka. Memang tidak banyak yang hadir kemarin. Diantara teman-teman yang hadir itu ada dua orang teman saya yang berkaca mata, satu cewek satu cowok. Namanya saya tidak sebutkan. Pasti teman-teman blogger Cicalengka juga sudah tahu. Kawan-kawan saya itu, tentu bukan karena gaya-gayaan menggunakan kaca mata. Itu alat bantu mereka karena matanya minus.