Sora jamla nu keur ngaji teh laun-laun
asa nyuat-nyuat mangsa kuring keur leutik. Bapa kuring jadi guru ngaji.
Murid-muridna datang ti sakuliah lembur, budak-budakna tatangga. Unggal peuting
iwal malem juma’ah sanggeus solat magrib rajol ku sora tarumpah kokolotrak dina
batu laleutik. Kuring geus biasa mindahkeun patromak ka tepas, ka murid-murid
bapa nu keur maca Qur’an. Sora barudak oar kareungeuna, bakat ku loba eta
barudak anu ngaji teh. Kawas sora nyiruan ngarubeng cing hareang nu kaganggu
sayangna. Biasana keur teh bapa acan asup ka tengah imah. Bapa mah cicing keneh
dina sajadah, ciga nu keur solat dina rokaat panungtung bari dikir kawas anu acan
jengkep itungan amalana. Lamun kuring ngaliwat ti tepas sanggeus ngagantungkeun
patromak nu karek dikompa angina, manehna tina sajadah eta teh sok ngareret ka
kuring. Kuring ngarti naha bet manehna teh ngareret ka kuring : gera wudu,
solat, bawa Qur’an tuluy baca. Ngiluan ngaji di tepas! Jadi weh kuring teh, anu
sok indit waktu barudak tatangga ngaji, asa jadi ucing kabulusan, kuring bari
keketeyepan wudu, solat magrib, tuluy diuk di tepas bari nanggeuy Qur’an,
ngabaur jeung budak-budak tatangga. Kakarek lamun tos kitu bapa jol ka tepas.
Ngamimitian, saacan der, bapa
nyidik-nyidik lampu cukup caangna atawa henteu. Lamun ceuk manehna geus cukup,
manehna gek weh diuk ditengah-tengah barudak anu diuk nguriling. Bari
ngoyagkeun hoe kana papan, nyirikeun yen murid-murid kudu eureun heula
ngaderesna. Manehna tuluy nyebutan hiji-hiji muridna. Lamun ngaran nu disebut
teu nalek, manehna sok nanyakeun naha eta budak teu ngaji, ka babaturana teh.
Lamun geus jelas naon anu matak teu ngaji eta budak teh, kakara anjeuna nitah
muridna diuk hareupeuna saurang-saurang tuluy der weh sina maca hanca sewang-sewangan.
“Ujang ayeuna geus tilu kali khatam
Qur’an,” ceuk bapa ka kuring basa malem juma’ah, basa keur tiiseun, di tepas.
Urang duaan tanggah ningali bulan anu pas asa keur dina luhureun imah pisan.
“Geus waktuna Ujang ngabantuan Bapa magahan ngaji. Lamun teu dibantuan ku
Ujang, ku saha deui nuluykeun magahan ajaran Ilahi ka barudak anu karek erek
menyat teh. Ujang kudu jadi guru ngaji. Pagahan barudak! Teu kabeh budak sanggup
ngaji ka madrosah. Tibeurang barudak sakola, peutingna ngaraji. Jadi jalma cara
urang kieu anu mapagahan barudak eta teh.”
“Tapi Apa,” ceuk kuring. “Apa diburuhan
sabaraha ku kolot-kolotna. Ala kadarna kapan? Kanggo meser minyak tanah
sasasiheun oge tara cukup.”
“Ujang teu meunang ningali ka lebah
dinya na. Anu kitu ngarana amal. Amal tong diukur ku pamulangna. Sakali wae
urang balitungan kana pamulang, eta amal urang geus lain amal ngarana. Tapi
jalma tukang buburuh! Apa lain jalma nu buburuh tina amal. Apa guru ngaji.”
“Tapi gening Mubaligh baleunghar ku
harta. Apa ayeuna tos lain waktuna kawas kitu. Sadayana anu di sakuliah ieu tos
masang listrik di bumi masing-masing. Naon lepatna pami Apa muntang ka
sepuh-sepuhna murid Apa kanggo nyuhunkeun karidoana mangmasangkeun listrik di
imah urang. Abdi parantos kesel ngompa lampu wae!”
“Kesel majar teh? Pami Ujang humandeuar
wae alatan kesel, eta lain amal deui ngarana! Pangeran geus nuduhkeun jalan ka
urang keur masang lamun geus datang mangsa karidoan-Na.”
“Iraha eta teh ?”
“Tong naros kitu. Apa teu bisa ngajawabna. Ceuk Apa Insya
Alloh.”
***
Sanggeus kaayaan loba nu robah, saprak
aya listrik sajajalan di lembur. Sarerea masang listrik. Sarerea meuli
televisi. Bapa katingali ngan magahan sapuluh budak, dicaangan ku patromak.
Murid-murid anu sawarehna deui leuwih resep nagog dina hareupeun telivisi.
Tibatan ngaderes Qur’an hareupeun Bapa. Murid-muridna anu sapuluh oge unggal
peutingna meureun bakal ngurangan hiji-hiji. Nepi ka hiji mangsa tinggal kuring
sorangan anu ngaji, sanajan kuring geus tilu kali khatam. Jeung deui, sanggeus
kuring khatam tilu kali, Bapa geus tara ngabandungan bacaan Qur’an kuring deui.
Kuring ngan hayang ngupahan Bapa sangkan teu ngarasa leungiteun teuing ku
murid-muridna.
“Geus teu baroga iman!” carek Bapa ka
kuring dina malem juma’ah nu sejen, mangsa bulan teu nembongan luhureunn imah.
“Engke bakal baroseneun lalajo tipi oge,” ceuk kuring
ngabebenjokeun Bapa.
“Naha maranehna bakal boseneun oge kitu
sare dina kasur karet busa teh ?” Ceuk Ema ngilu ngomong. Ema mimiti nyindiran
Bapa. Memang geus ampir tilu bulan euweuh nu datang pesen kasur jieunan bapa.
Biasana mah dua kali tina sabulan teh aya wae anu datang ka imah mesen kasur
beunang bapa. Kasur-kasur beunang bapa dipesen ku panganten-panganten anyar.
Bapa kankoncara jadi guru ngaji jeung tukang nyieunan kasur nomer hiji di
lembur teh. Eta pacabakan bapa sapopoe. Nyieunan kasur! Jeung peutingna magahan
ngaji.
“Teu apdol jadi panganten teh lamun teu sare Diana kasur
buatan Pa Ahmad!” ceuk anu paresen.
“Peuting pangantenan teh asa teu puguh
rarasaan!” ceuk maranehna muji ka bapa.
“Akang teu ngomong kitu da. Ulah sundar-sindir.” Ceuk bapa
nembal ema.
“Terus iraha atuh aya anu datang mesen deui kasur buatan Engkang?
‘peuting pangantenan teh asa teu puguh rarasaan lamun henteu sare dina kasur
buatan Pa Ahmad!’ hayang teuing ngareungeukeun deui anu ngomong kitu bari
maranehna ulak-ilik kana tali-tali dina kasur.” Ceuk ema nuluykeun.
“Ayeuna mah tos tara nyarios kitu deui,” ceuk kuring ngarah kaayaan jadi tiis.
“Kumaha cenah ceuk
maranehna teh, kasur model anyar eta? Cing terutan Hayim! Ema hayang
ngareungeu,” ceuk ema ka kuring. Katingali Bapa ngareret ka kuring.
“Cing sok kumaha cenah, Apa oge hayang apal,” ceuk Bapa.
“Sarua empukna jeung kasur buatan Pa Ahmad,” ceuk kuring.
“Kasur nu dijieun ku Apa tara darapon make kapuk.”
“Lamun teu kuduaan moal ka angkat!”
“Nu kitu nya Kang, anu disebut kasur mah!”
“Tapi mana anu paresen teh atuh? Geus
lah! Yu tuturkeun ka makam! Bantuan abdi dagang rampe. Mending oge ayeuna mah
ngilu dagang rampe jang anu jararah. Aya mangsa maranehna keur meuli rampe teh
sok bari nanya, naha di astana ieu aya anu sok ngimaman ngadoa. Abdi sok
nuduhkeun ka Pa Sanusi nu sok ngilu ngadagangkeun rampe nu pamajikana. Naon salahna
Engkang ngical kabisa maca doa keu anu jararah. Naon hesena Engkang nyepeng
payung hideung nyampeurkeun kanu jarah anu keur nungkulan tutunggul makam.
Maranehna mah teu bisaeun ngadoa, maca Yasin. Tah talangan nu kitu teh.
Maranehna muruhan unggal doa anu dibacakeun luhurueun tutunggul makam eta.
Tengetan heula weh. Tingali kaayaana kumaha. Mimitian ku babantu ka abdi
ngadagangkeun rampe, kawas Pa Sanusi keur nu jararah. Tuluy bawa payang hideung
ka tengah astana. Anu jararah bakal nyidik-nyidik Engkang. Maranehna
ngabutuhkeun jalma anu mangmacakeun Yasin jeung ngadoa. Pa Sanusi mah geus teu
katingali nungguan anu nitah, tapi langsung wae maca Qur’an. Tuluy anu jararah
ngasongkeun buruhan najan teu dipenta Pa Sanusi oge. Jadi cigana teh geus
papada ngarti. Abdi emut ka Engkang. Abdi dagang rampe, Engkang ngaji di makam.
Rampe dipeser ti abdi sareng doa diburuhkeun ka Engkang. Eta anu aya dina pipikiran
abdi. Jeung deui tos lami hayang didugikeun ka Engkang teh. Bade molah naon
deui Engkang ayeuna? Murid tos direbut ku kamajuan jaman, anu paresen kasur oge
tos teu datang!”
Kuring nurunkeun patromak rek nambahan
angina. Lampu jadi leuwih caang jeung bapa leuwih jelas katingali.
“Barudak kamarana?” ceu bapa mengkolkeun caritaan.
“Engkang apal sakabeh doa? Anu jararah
teh resepeun pisan ku doa-doa anu panjang. Beuki lila dibacana, ceuk Pa Sanusi
oge, anu jararah teh beuki gede muruhana. Cobian daripada nganggur. Atanapi
tengetan heula kaayaana. Sumping ka makam. Perhatikeun maranehna ti tempat abdi
dagang rampe. Payung aya di pengker. Nganggo sarung. Tong nganggo pantalon.
Pami sadaya tos wanoh yen Pa Ahmad teh tukang ngadoa anu hade di makam, tangtu
Engkang kenging pacabakan anyar. Cobian nya! Kaparigelan sanes ununeun di
imah.”
“Barudak kamana?” tembal bapa deui.
“Lalajo tipi di buruan kalurahan!” ceuk ema rada tarik
sorana.
***
Sanggeus kajadian harita, bapa diuk
hareupeun imah. Kekembangan di buruan beunang nyebor. Subuh diala, isuk-isukna
dibawa ku ema kana meja deukeut pager makam. Lanceuk kuring kabagean migawe
ngeureutan daun pandan. Pancen kuring ngajingjing carangka eusi rampe ka makam
jeung ema. Balik nganteur ema ti makam, kuring ningali bapa semu ngalamun di
tepas. Meureun kapikiran oge nyobaan anu ceuk ema.
“Loba anu jarah teh?” talek bapa ka kuring. Padahal can kungsi
bapa nanya kitu saacana.
“Enjing keneh tangtu tacan aya. Kumaha ari Apa, tacan aya
saurang-saurang acan,” ceuk kuring.
“Aya anu pesen kasur?”
“Geus mimiti Ujang ge sundar-sindir ka Apa? Ku si Ema geus
cukup. Tong tuturut munding.”
“Tadi wengi di teun Pa RT aya anu nyetel kaset jalmi anu
ngaji dina pangeras, tarik sorana.”
“Apa oge ngareungeu!”
“Eta teh ngajual sorana nya Pa?”
“Jadi Ujang nitah Apa ngaji dina kaset?”
“Pami aya nu nawaran mah naon lepatna.”
“Tos dewasa nya Ujang teh gening.”
“Jaman tos robah Pa. Pami tos magrib jalmi teu ngaraji di
imah masing-masing, tapi ngareungeukeun ngaji dina tipi Pa. ceuk Ujang mah eta
ge teu lepat. Naon lepatna urang ngaji luhureun tutunggul makam. Ngadoakeun
arwah nu tos pupus, ngadoakeun anu harirup keneh, kulawarga anu dimakamkeun.
Rengse ngadoa, anu jarah muruhan.”
“Edas, geus tuturut munding deui kanu jadi indung. Dibere
naon tadi Ujang?”
“Lebar kana kaparigelan Apa eta teh.”
Kabeh anu diomongkeun ka bapa teh
kekecapan ema anu masih keneh aya dina sirah, anu diomongkeun ema sajajalan
nepi ka makam.
“Olo Apa Ujang!” ceuk ema waktu kuring erek balik.
Tapi, ti waktu ka waktu katingalina
bapa teu kapangaruhan jang nyobaan ngajual kabisa ngadoa di makam ka nu
jararah. Bapa kalah leuwih resep ngeusian bak, atawa ngored di buruan; nyobaan,
panasaran nungguan anu mesen kasur atawa barudak datang ngaji peutingna. Ngan,
malem juma’ah sejen kareungeu ema mirucaan nyarita waktu keur dariuk di tepas.
“Pa Sanusi tadi nampa hiji domba ti nu
jarah. Cenah mah najar jalma anu mere domba teh dikobul. Pa Sanusi ngadoakeun
jalma eta ngarah panjang umur, sehat, loba rijki, jeung naek pangkat.
Kabehanana dikobul. Pa Sanusi ngajual domba eta ka pasar domba di Tanah Abang.
Sababaraha puluh rebu menangna!”
Kuring nambahan angin kana patromak.
Beungeut bapa beuki jelas kacaangan lampu. Manehna ngalinting bako kana daun kawung.
Tuluy wel eta roko diwewelkweun kana biwirna, tuluy ngahurungkeun bengsin.
“Tadi manehna meli radio transistor
buatan Cawang. ‘lumayan, asal bisa ngareungeukeun pangajian-pangajian na
radio,’ kitu cenah pajarkeun teh. Loba rampe anu payu na?’ Tanya Pa Sanusi. ‘tangtu
loba. Sabab poe ieu kuring loba maca doa. Pasti sakitu oge lobana anu meuli
rampe ka Bapa. Kumaha cageur Si Ahmad, salaki Nyai? Loba keneh anu pesen kasur?
Pasti loba. Kapan ayeuna keur usum kawin. Haji Roii geus aya mesen kasur ka
imah? Manehna rek ngawinkeun anakna. Geus aya kitu?’ ceuk Pa Sanusi nanya ka
abdi. Ceuk abdi teh, ‘meureun Haji Roii datang dinten ieu.’ Aya Pa Haji Roii
datang mesen kasur kadieu kitu?” ceuk Ema.
“Isukan sugan,” ceuk bapa. “Poe ieu mah euweuh nu datang
mesen kasur.” Ceuk bapa bari ngaluarkeun haseup roko tina bahamna.
“Saacan papisah di makam tadi, Pa Sanusi naroskkeun
murid-murid Engkang. Ku abdi teh dibalakakaeun wae naon ayana.’Lamun kitu mah
sanasib jeung kuring!’ ceuk manehna teh. Geningan pangajiana oge sarua geus teu
bogaeun murid. ‘Cing ka Si Ahmad, Cobaan kituh ngadoa di makam. Kuring oge
kawalahan ngalayanan anu jararah.’ Tuluy manehna meuli menyan. Menyan jangeun
ngukus lamun beak. ‘Teu apdol rarasaan teh lamun teu ngaduruk menyan lamun keur
ngadoa di makam teh. ‘ceuk manehna bari kekepehan embung narima duit pamulangana.
‘beulikeun weh kana roko jang Si Ahmad!” ceuk maenhna bari ngaleos.”
***
Kuring rada ngarenjag oge dina hiji
waktu, isuk-isuk bapa nitah kuring cicing di imah. Manehna anu rek nalangan
kuring nganteurkeun carangka nu eusi rampe ka makam. Ceuk ema mah peutingna,
ema ningali bapa disampeurkeun ku Pa Sanusi. manehna ngawarangkong handapeun
tangkal samoja. Isukna bapa indit babarengan jeung ema. Bapa mekel payung
hideung, nyakuan Yasin, make sarung, jeung dikopeah hideung. Dina poe harita
ceuk ema mah, bapa ngalalanyah ngadeukeutan nu jararah di makam tempat ema
ngadagangkeun rampe. Sora bapa maca Yasin jeung ngadoa anu cocok jeung kaayaan mangsa
jarah ka kulawargana di makam anu karasa simpe, kareungeuna handaruan,
handapeun tangkal samoja anu dauna leubeut. Manehn nampa duit pamere ti nu
jarah tuluy ngadeukeutan deui ka nu jarah sejena. Manehna leumpang dipapayung
hideung tengah astana, nepi ka tungtung sarungna teh ngambay kana tutunggul
makam.
Geus maju tilu bulan bapa indit wae ka
makam mangmacakeun Yasin jeung doa jang anu jarah. Bapa geus lain deui
katanggar ku jadi guru ngaji. Manehna leuwih katanggar jadi tukang ngadoa di
makam. Kuring oge ngilu katanggar jadi budak tukang ngadoa di makam. Ema geus tara
gugulunu deui lamun keur ngariung peuting-peuting samemeh sarare.
“Naha tos aya anu najar mere domba ka Engkang?” ceuk ema
muka guneman.
“Kuring mah tara tuluy cicing tas ngadoa teh. Kuring mah sok
bari mapatahan. Pok weh dibejakeun, Kuring kikieuan teh kapaksa. Qur’an lain
keur nu geus maot. Tapi keur pituduh jalma-jalma nu hirup keneh. Qur’an jang dibaca jeung diamalkeun, jangeun
cecekelan urang jeung jangeun bekel keur kahirupan sanggeusna mati. Ku kituna,
ku Kuring ditetelakeun ngarah diajar agama tuluy amalkeun. Tara kaliwat, unggal
tas ngadoa kuring netelakeun eta ka marannehna. Kuring teh guru agama. Kuring
ngajarkeun agama jeung mapagahan maca Qur’an ka murid-murid kuring. Kusabab
murid-murid geus euweuh nu datang diajar ngaji ka imah, jadi weh kapaksa Kuring
ngaji jeung ngadoa di makam keur maranehna. Saha nu ngareungeukeun? Nya manehna
anu nitah. Nya aranjeun. Aranjeun mah nganggap yen maca Qur’an teh keur
nyumponan jarah ka kulawarga nu geus maot. Lain jadi kaperluan keur nyaangan
jalan kahirupan di dunya jeung bekel di aherat.”
***
Peuting eta datang titahan jalma anu
nitah bapa maca Yasin jeung ngadoa di makam kulawargana. Pamajikan jelema eta
teh maot. Euweuh nu bisa mangmacakeun Yasin di imahna. Bapa dipapagkeun. Kuring
oge diajak ngabaturan bapa. Tuluy wae kuring jeung bapa dianteurkeun ku titahan
jalma anu tadi tea teh.
Kuring jeung bapa tuluy asup ka imah
anu kapapitan. Mobil ngajalajar sapapanjang jalan nepi ka buruan imah. Bapa
ngaharewos ka kuring yen kuring tong leutik burih ningali pakaya jalma anu keur
kapapaitan. Sobat-sobat si mayit anu baleunghar markirkeun mabil-mobilna di
sapapanjang jalan nepi ka buruan anu ku kuring jeug bapa kaliwatan. “Urang
diangkir lain jangeun ngalayad.” Ceuk bapa nguatkeun.
Titahan jalma anu tadi teh nganteur
kuring jeung bapa ka kamar, tempat layon ngajapapang. Salaki si mayit ngareret
ka bapa. Manehna gek diuk. Ku bapa disampeurkeun.
“Panggaoskeun kanggo Abdi Pa Ahmad!” ceuk manehna.
“Emut keneh gening ka Abdi?” ceuk bapa.
“Pangaoskeun. Tulungan Abdi tina papait ieu. Pangaoskeun
cara di makam putra abdi tea. Pangaoskeun Pa Ahmad, pun bojo teh tos teu aya. Ngadadak
pisan waktuna. Cocoba teh datang kawas guludug. Pangaoskeun. Supaya pun anak
ngadarangukeun. Tuh tingal. Barudak nyegruk careurik. Pangaosskeun!”
Kuring jeung bapa geuwat muka Yasin.
Der weh sababaraha balikan. Di luar nu ngalayad ngawarangkong bari ngararoko.
***
Kajadian eta jadi cukang lantaran keur
bapa. Ampir unggal poe bapa diangkir ka imah jalma anu ditinggalkeun ku
pamajikana tea. Bapa magahan agama ka barudakna bari magahan maca Qur’an. Bapa
geus jadi guru maranehna. Ampir unggal poe bapa kaluar ti imah. Bapa mapagahan
ngaji di imah-imah jalma beunghar, tatangga jalma anu kapapaitan ditinggalkeun
ku pamajikana tea.
“Cigana maranehna the tatalepa, yen maranehna ngondang guru
ngaji ka imah. Meureun nu kitu teh keur maranehna mah jadi kareueus.” Ceuk
bapa.
“Bet boga pikiran kitu?” ceuk ema.
“Maranehna sok ngawanoh keun Akang kitu ka tamu nu datang
lamun meneran keur magahan ngaji teh. ‘Teu kari ari kudu nitah barudak ngaji ka
madrosah atawa ka imahna guru ngaji teh.’ Kitu kadengena teh.”
“Nya sukur weh lamun kitu mah. Engkang tos meunang deui
murid!”
“Nya hayang naon deui maranehna mah? Harta geus bru di juru
bro na panto. Han tinggal cecekelan elmu nu diteangan teh. Tah keur eta mah
ngan bakal beunang ku jalan agama. Geus ngarasa butuh maranehna teh ayeuna
mah.”
“Jadi Engkang tos teu aya waktu atuh ayeuna mah jang ka
makam deui teh?”
“Akang kudu ngadatangan imah-imah maranehna keur
ngawurukan.”
“Pa sanusi sok mupu buruhan unggal poe! Jaba ayeuna mah geus
deukeut ka bulan puasa. Loba anu jarah. Ari Ujang bisa nuluykeun Apa ngadoa di
makam?” ceuk ema bari ngareret ka kuring.
Jep kuring jempe. Nu kareungeu sora bapa.
“Loba nu menta dipangmagahankeun agama di papada imahna.
Ampir euweuh waktu. Ceuk rasa mah Pa Sanusi oge kudu dibere lolongkrang oge
jang ngajar ngaji teh. Ngajarkeun agama jang nu hirup, lain jang nu geus maot.
Da cigana mah Pa Sanusi oge sapagedos jeung Akang. Manehna kudu ngajar deui.
Loba jalma nu beunghar nyiar guru agama jang mapagahan budak-budakna. Maranehna
mah geus tara kaburu nganteur barudak ka madrosah atawa ka imah guru ngaji. Pa
Sanusi kudu diajak. Lebar lamun elmu agamana ngan ukur dibacakeun jangeun nu
geus maot mah. Agama keur jalma nu hirup! Lain keur jalma nu geus maot.”
***
Dini hiji peuting, malem juma’ah nu caang
ku bulan anu bencenong sanggeus
sababaraha lila,bapa, ema, kuring, lanceuk, jeung adi-adi diuk nyangsaya
nungguan tunduh. Teu beda jeung sasari, ema ngabamblam ngabanding-bandingkeun
rijki beunang bapa jeung beunangna Pa Sanusi. Na peuting eta, tara kaliwat ema
nyuat-nyuat masalah eta.
“Taun kamari domba, taun ayeuna bakal meunang naon deui nya
Pa Sanusi teh. Anak sapi meureun.” Ceuk ema. Cag geus ngomong kitu teh teu
ngareret deui ka bapa. Tapi ema kalah ngareret kaluar nu katingali geus
tiiseun. Bulan kawas nu ngambang di langit teh. Manuk cilingcingcat dina regang
tangkal kai nu geus euweuh daunan, tukangeuna bulan nu geus bencenong. Teuing
nu mana nu ditingali na mah. Teuing bulan teuing manuk. Ngareungeu ema ngomong
kitu teh, bapa geuwat nembal.
“Jalma anu kapapaitan ku ditinggalkeun pamajikana teh nitah
Akang ngilu maturan ka tanah suci, mapagahan agama. Manehna jeung barudakna rek
indit munggah haji taun ayeuna. Akang dititah ngilu.”
“Alhamdulillah,” ceuk ema.
“Hade pisan rijki Apa,” ceuk lanceuk kuring nu keur diuk di
juru.
“Jeung enyana, loba jalan jang ka surga mah,” ceuk bapa.
“Anu penting mah nepi weh,” kuring ngilu nyarita. Katingali
bapa seuri leutik. Bapa nyanghareup pisan ka kuring.
“Perkara nepi atawa henteuna lain uruseun urang. Eta mah
rusiah Alloh.”
“Tapi pan eta mah jangji Alloh.”
“Eta henteu salah. Tapi nu kacida pentingna mah kumaha urang
ngalaksanakeuna, sangkan Alloh nedunan jangji-Na.”
Katingali ku kuring, bapa tuluy melong
wae melong ka kuring. Katingali beunget bapa teh sajelasna. Beungetna guru
ngaji. Bapa memang guru ngaji sajati. Guru agama! Manehna teu kabawa ku
sakaba-kaba jaman. Mangsa kapas geus ka deseh ku busa keur bahan kasur.
*Ditulis untuk memenuhi mata kuliah penejemahan,
Prodi Sastra Sunda Unpad.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar